x

Iklan

Asep Rizal

Penulis Indonesiana
Bergabung Sejak: 26 April 2019

Sabtu, 27 April 2019 20:06 WIB

[Carpon Bahasa Sunda] Numipimelang Lengkah

Teu eureun-eureun “galindeng” bacaan Ayat Al-Qur,an kaluar tina cangkemna , nalika kuring gogolehean dina gedengeunana mangsa harita 18 taun katukang nalika anjeuna masih jumeneng . Damar cempor tina kaleng sarden warna beureum ngagedur hurung kuminyak

Dukung penulis Indonesiana untuk terus berkarya

Photo;ilustarsi(docpri).

 

Teu eureun-eureun “galindeng”  bacaan Ayat Al-Qur,an kaluar tina cangkemna, nalika kuring gogolehean dina gedengeunana mangsa harita 18 taun katukang  nalika anjeuna masih jumeneng .

Iklan
Scroll Untuk Melanjutkan

Damar cempor tina kaleng sarden warna beureum ngagedur hurung kuminyak tanah  nu hayoh  nyieunan harang hangsu dina juru-juru Imah panggung .

Pernah diganti ku damar  (Lampu) minyak tanah make songsong nuaya gambar lauk calawak kuring nginget-nginget deui kana wanda jeung rupaning kaendahan mangsa katukang nalika kuring milu “Unggal poe” maturan nini kuring dihiji imah nu dipindahkeun ku-pun bapa titonggoh ka deukeuteun Sumur cai paragi mandi jeung ngala caina urang lembur nudipiboga ku nini kuring mangsa harita.

“Omat shalat ulah katinggaleun,maca Qur,an sing alus panjang pondokna ,jeung kudu make elmu Tazwidz , bisi macana kalah teu boga ganjaran!” Saurna dina nalika Kuring disuguhan Beuleum Sampeu nu ditunda dina catang hawu dina nalika Isuk-isuk kuring balik ngaji Subuh dimadrosah ditengah Kampung Cimande (Kampung Sukalillah ngaran lemburna  ayeuna) Desa Janggala Kecamatan Cidolog  Kabupaten Ciamis.

Lamun mah kudu dite’te’k  hiji-hiji kaendahan hirup mangsa harita , kuring teu wasa kana cimata !, carita hirup numinuhan caritana jalma-jalma nu nyaah kadiri kuring bakal ngahudangkeun angin nungagelebug ditengah-tengah samudra,,, sakali deui kuring teu sanggup nyaritakeun nana kahirupan nu “memang’ pinuh ku kaahengan ,,,!.

“Ulah poho kabaraya , hirup manehteh rada beurat ngan omat sing sabar !” galindeng soantena jiga anu neruh kana naon anu bakal dirandapan kukuring mangsa nubakal datang , tapi kuring ngaku kalawan kasadaran hate nukarasa kukuring ayeuna sagala anu diucapkeunateh “Nyata” karasa , tinggal nu tacan kukuring kalakonan kecap akhir tina kekecapanana  nukaluar tina cankem anjeuna mangsa harita “Kudu sabar”,  nudimaksad kuanjeunateh kuring ngaku masih keneh lemah ajang ngalakonanana  , sabab hartina tina kecap eta lamunmah kudu di-defenisian  kubahasan nupanjang kacida jero makna jeunghartina, kuring ngado,a kapangeran numerbeng  ieu alam “pamuga kuring bisa sabar sakumaha papagah nini kuring (Almarhumah)”, Amiin Yaa Robbal Alamiin.

                ***********************************************************************

“Lamun bisamah ti-ayeuna ,sok melak tatangkalan dina taneuh nuurang anu dikebon kulon tea , ngarah engke aya akuan ajangeun nyieun imah  jang  bumen-bumen anjeun mangsa kahareupna!” Kuring nginget-nginget deui kana papagah anjeuna anu nepika kiwari tacan ka laksanakeun kulantaran caritaning lalampahan kuring nu tacan panceg , kulantaran sababaraha kajadian sanggeus punbapa “Mulih kajati mulang kaasal”  dipundut ku anu maha kawasa dina taun 2002 mangsa katukang nuturkeun nujadi Indung nungandung anjeuna.

Saatos Nini Edah Binti Dioh (Indungna  Punbapa nyatana Nini Kuring Almarhumah)   ngatunkeun dina dinten ka  40 “opatpuluhna” .

*Kacarioskeun  Nini Kuringteh gaduh murangkalih tujuh urang , nu nyesa umurna rada panjang ngan Punbapa hiji-hijina .

                *************************************************************************

“Ieuteh anjeun Asep,,,? Naha geus poho ka-Ene’,,,,!” kuring nangis dina lahunan anjeuna nalika anjeuna nuju teuwalakaya karana ngarandapan panyawat sepuhna anu ampir ngagaduhan yuswa 92 tahunan nalika mangsa harita , kuring lunta tisagedengeun anjeuna “Nyieun” carita ,yen manusamah kudu boga lalampahan ngarah boga pangalaman hirup anu saur anjeuna  (Nini Kuring)  keneh “beurat” lamun ukur dilamunan.

Kuring mulang ti-kota kembang mangsa harita bari “Hayang” mawa carita kaendahan kapangkonan anjeuna ,caritaning  lalampahan nyiar kifayah hirup kuring  nubakal didongenkeun ngarah kadangueun kuanjeuna ngarah anjeuna/bathin anjeuna henteu hanjelu (ngarah bungaheun) .

                ******************************************************************************

“Omat ulah ceurik , Ene,,,tos dianteurkeun ku-bapa  kakuburan nana , maotna nuju Sujud Shalat Ashar!” Ucapan eta ditujukeun kakuring ti punbapa nuharita bari  ngadeg dina lawang panto  dapur nalika kuring nyeungceurikan tilas Ebogna pun Nini anu kacida mikanyaah kakuring Saumur-anjeuna dumelah dialam Dunya.

Dina nalika harita , punbapa “Ngistrenan” yen kuring ulah kahalangan ku Udurna Nini Kuring “Jig bisi ngaganggu kana Usaha mah ,Nini anjeunmah loba nungurus ieuh didieu ,keun da anjeuna   geus panggih ieuh  jeung anjeun ,nalika  kamarimah nuju repot  kupanyawatna hayoh wae nananyakeun ka Anjeun !” Papagahna punbapa harita ka kuring nu arek lunta nyiar kifayah hirup ka Kota Kembang nu katinggalkeun  sabab  aya ewar (beware)  yen kuring kudu mulang sabab Nini Kuring  dina kaayaan tos teu weurateun nanaon kualatan kupanyawat –sepuh  anjeuna.

*Kuring nyium Dunya dina mangsa balebat

 Harepan tinangtu kalakonan bari Ngadu.a kanu maha kawasa

 Peuting beuki jempling ,kuring mapatkeun Surat Alfatihah nuditujukeun pikeun Berkahna ,,

 Muga-muga anu mikacinta Kuring Baragja dialam pawenangan ,,,

 Papanggih jeung pangerana nu kuaranjeuna dipuja sapanjang Umur dumelah dilama dunya,,

Kuring ninggalkeun gundukan taneuh-taneuh kanyaah Aranjeuna nuayeua tos aya dialam pawenangan ,Muga-muga dina lebet Quburna sing dipasihan Nur (cahaya) dugika yaumil Qiyamat…

Amiin Yaa Robbal Alamiin….

*Catetan; Ieu carios /seratan ngan ukur cariosan Viksi , nukasebat nami kasebat padumukan sareng intial namina hapunten anu kasuhun , ieu cariosan ngan saukur runtuyan tina Rebuah Carpon (carios pondok) mudah-mudahan aya manfaatna.

*Singaparna Kabupaten Tasikmalaya.

Asep Rizal.  

 

 

Ikuti tulisan menarik Asep Rizal lainnya di sini.


Suka dengan apa yang Anda baca?

Berikan komentar, serta bagikan artikel ini ke social media.












Iklan

Terpopuler

Elaborasi

Oleh: Taufan S. Chandranegara

3 hari lalu

Dalam Gerbong

Oleh: Fabian Satya Rabani

Jumat, 22 Maret 2024 17:59 WIB

Terkini

Terpopuler

Elaborasi

Oleh: Taufan S. Chandranegara

3 hari lalu

Dalam Gerbong

Oleh: Fabian Satya Rabani

Jumat, 22 Maret 2024 17:59 WIB